Jamparing Asih

Carpon Adé Subadio

Bubar upacara poé Senén, sup ka kantor. Cek kana buku administrasi, teu talangké asup ka kelas. Gék diuk terus ngabsén, ti tukang saurang budak lalaki aya nu nyeuleungkeung, pokna: “Pa, Ratna teu damang!” ceuk si Indra. Ku kuring disampeurkeun, gap dicabak tarangna, geuning enya wé mani panas budak téh.
“Ratna tos sarapan heula teu acan?” ceuk kuring.
“Teu kabujeng, Pa?” ceuk budak.
“Yu, urang ka kantor heula atuh,” ceuk kuring bari nuyun.
Di kantor, budak sina diuk na korsi tamu.
“Mang Mamat, cobi pangnyandakkeun cai haneut, teras pangmésérkeun bubur ka kantin!” ceuk kuring ka penjaga sakola.
Karunya teuing budak téh, awakna calombrék, siga nu lungsé. Tos cénghar mah, Ratna téh diajak deui ku kuring ka kelas. Bari ngawaskeun barudak nu keur ulangan, kuring pirajeunan mukaan Majalah SundaMidang, néangan Sajak Midang. Sakapeung rét ka barudak nu keur aranteng ngareusian soal, rét ka si Ratna melang bisi katutuluyan, katingalna éta budak téh teu pati bérag cara budak séjén.
Bél disada tandaning geus manjing waktuna istirahat, barudak ngarumpulkeun lembar jawaban. Sanajan kurang séhat, hasil ulanganana ngagumbirakeun.
“Bisi Ratna teu kiat mapah, ké uihna sareng Bapa kana motor!” Ceuk kuring.
Kira wanci tangaari bél disada, barudak balubar ka luar ti kelas séwang-séwangan. Kitu deui pupuhu sakola sareng guru-guru tatan-tatan badé marulang.
“Ratna hayu naék kana motor sareng Bapa,” ceuk kuring.
Térékél budak téh naék kana motor, nyekelan mani pageuh. Gerung motor téh disada, geuleuyeung maju lalaunan terus beuki tarik.
“Néng Ratna, tebih kénéh bumina?” Ceuk kuring.
“Sakedap deui, Pa. Tuh bumi nu palih ditu,” ceuk budak bari nunjuk ka imah nu pangalusna imah téh, halaman raresik, dihias ku kekembangan warna-warni, kayaning skorbia, adenium, kriminil, jeung réa deui.
“Assalaamualaikum..” kuring uluk salam.
“Waalaikum salam,” ceuk pribumi norojol ti jero. Anjeunna mukakeun panto, tirilik Ratna nyampeurkeun indungna bari cium tangan. Pok nyarita, “Mah, tadi enéng rieut di sakola, bapa guru hawatoseun, enéng dijajap ku bapa guru ka dieu,” ceuk Ratna nyaritakeun nu karandapan.
“Eu… kutan kitu,” ceuk indungna.
“Mangga kalebet Pa Guru,” ceuk Mamahna Ratna.
“Mangga, hatur nuhun, cekap di dieu baé,” ceuk kuring.
“Kalebet Pa Guru, henteu puguh di luar mah,” anjeunna maksa.
Kapaksa kuring asup, ruang tamu anu rapih, korsi méwah beureum ati, dihias ku vas kembang, nu aya na luhureun méja kaca, taplak méjana mani nyari, nambah éndahna rohangan.
“Linggih Pa Guru, ké urang ngabantun cai heula.” Sup ibuna Ratna asup ka jero imah. Teu lila jol, nanggeuy cai dina baki, sareng kuéh na kelér leutik. Sok éta lalawuh téh disimpen dina méja.
Kuring ngajelaskeun naon nu kajadian ku Ratna di sakola.
“Hatur nuhun Pa Guru. Pun anak tos ngarépotkeun,” ceuk mamahna Ratna.
“Éta mah tos janten kawajiban abdi, nu janten guruna,” ceuk kuring.
“Dupi préstasina kumaha Pa Guru pun anak téh?”
“Alhamdulillah, Ratna mah kalebet murid nu pangpinterna.”
“Titip wé Pa Guru, kanyaah ti bapana kirang,” anjeunna nguningakeun.
“Maksadna téh, Apana teu aya di dieu?” ceuk kuring nanya.
“Muhun teu aya, abdi tos sah dipirak ku anjeunna, nuju didamel di Karawang anjeunna aya nu ngagoda tug dugi ka hilapna ka abdi, nikah deui tah sareng istri kikindeuwannana di tempat padamelanana...,” nyaritana teu kebat bangun nu manggih kasedih, rada alum.
Jep jempling sakedapan taya nu nyarita. Pameunteuna cumalimba, cipanon ngeyembeng na juru soca tandaning keur manggih tunggara. Ku kajantenan éta kuring gé asa kagagas milu ngarasa sedih, mangkarunyakeun ka Ratna, murid kuring nu sakitu calakanana.
“Hapunten Pa Guru, abdi tos ngedalkeun kaayaan rumahtangga abdi,” ceuk anjeunna bangun nu hanjakal betus ka kuring. Kuring ngahuleng ngaraga meneng, asa aya rasa karunya, asa ngageter ieu angen. Asa ratug ieu jajantung, rasa kanyaah jeung kadeudeuh nyaliara dina dada.
Ah, kuring pura-pura teu kabéngbat jeung ulah tibelat. Ka dieu sotéh keur jajap budakna karunya. Tapi haté mah teu bisa dibohongan geus kaasih tapi moal waka dikedalkeun.
Rumah tangga mah ulah rurusuhan, kejot borosot bisi kaduhung jagana, kitu ceuk papagahna, nya kuring téh mun bisa mah ngahiji téh hayang ka parawan leutik-leutik gé mun bisa mah nu jadi guru, galécok haté.
“Manawi Pa Guru, pangbeberahkeun ieu manah… ulah lami teuing tunggara téh, nyuhunkeun bongbolongan ti Pa Guru,” pokna téh anjeunna kedal ucap satarabasna.
Gebeg téh kuring rada reuwas, campur tagiwur tapi teu bisa ngajawab. “Saha atuh nya!” kuring ngahuleng.
“Punten Pa Guru, abdi ngalamun téh bet kamalinaan,” bari ngised diukna. “Mangga Pa Guru tampi leueuteunana!” ceuk anjeunna.
Kuring cek kana gelas, regot citéh diuyup. Sok disimpen deui dina tatakanana. Rét ka manéhna, teup paamprok teuteup, manéhna rada ngélémés kuring rada éra, sérédét aya geter nyaah ka manéhna.
“Pa Guru cobian kuéhna, kénging ngadamel abi sareng Ratna,” anjeunna nawaran bari imut ngagelenyu. Kuring nyandak kuéh dirasa-rasa kuéh téh asa mirasa dibarung ku haté keur manggih kabungah.
Panonpoé geus méngok kira wanci tabuh dua, rét kana arloji, rét ka manéhna, koloyong anjeunna kalebet bumi. Katingal bitisna nu bodas kahalangan baju kurung sapotong. Imbitna nu ngeusi oyag katuruban rok daster, sidik geulis lain pupulasan tapi geulis bawa ngajadi.
Najan haté betah, tapi waktu teu ngijinan jeung asa geus beurang teuing. Kuring widi ka manéhna rék mulang, lila teuing bisi kaganggu ku kuring.
“Mamah Ratna, jalaran parantos siang, permios badé wangsul!” kuring amitan.
“Ké atuh Pa Guru, énggal-énggal teuing!” Anjeunna ngawagel.
“Sanés waktos,” ceuk kuring.
“Néng Ratna, Pa Guru badé mulih, salam heula,” ceuk indungna. Torojol Ratna nyampeurkeun ti jero imah, cek kana leungeun, cium tangan ka kuring.
“Mangga mamah Ratna,” ceuk kuring. Anjeunna ngasongkeun leungeun sasalaman, rada pageuh nyekel kuring, siga nyarék ulah mulang. Sasalaman pataréma ramo nu lemes ngageterkeun ketegna angen, nyérédét tembus kana jajantung.
Réngsé solat Maghrib, ngalangeu diuk na korsi di hareup, angin nu tiis ngusapan embun-embunan. Sora jangkrik jeung ketekik ngahaleuangkeun lagu peuting caricangakas na karakas disarada patémbalan matak waas.
Keur ngumbar lamunan kitu, torojol motor ojég nu ngaboncéngna Ratna bari nanggeuy dus. Jrut turun, Ratna nyampeurkeun ka kuring.
“Assalaamualaikum,” ceuk budak.
“Waalaikum salam,” ceuk kuring kagét. “Euleuh geuning Néng Ratna. Éta ngabantun naon?”
“Ieu ti mamah! Mamah ulangtaun, piwarang nyanggakeun ieu ku mamah,” ceuk Ratna.
“Hatur nuhun atuh Néng Ratna.”
“Sawangsulna Pa.”
“Mangga Pa,” ceuk Ratna amitan.
“Ké atuh Néng Ratna, linggih heula!” Ceuk kuring.
“Itu ojég ngantosan Pa.”
“Muhun atuh, sing ati-ati di jalanna!”Gerung motor ojég disada, trek gigina dioper, geuleuyeung maju, panon mencrong ka Ratna nu mingkin jauh leungit dina sela-sela poék.
Bungkusan dibawa ka jero, terus dibuka, bréh katingali bolu ulangtaun anu ka dua puluh tujuh, bolu téh dihias sisina ku kembang gula nu warna kayas, dina sisi bolu aya kertas alit pasagi di tengahna aya tulisan, “Wengi énjing Mamah Ratna hoyong ameng ka bumi.”
“Leuh geuning hayang ulin ka dieu, tapi kajeun rék dihulag sieun ngaraheutan haténa, duka aya naon tanda tanya,” na haté galécok sorangan.
Bada Magrib saperti biasa kuring sok niis di payun. Keur macaan carpon nembé gé sapotong, kagareuwahkeun ku sora motor, direrét téh nu sumping geuning Mamah Ratna. Jrut turun tina ojég, manéhna uluk salam bari nyampeurkeun solongkrong sasalaman. Ari ojég biur mangkat deui, ngaleungit di tungtung jalan.
“Mangga kalebet mamah Ratna, geuning amengna wengi-wengi?”
“Supados salsé ngobrolna sareng Pa Guru.”
“Kutan kitu,” ceuk kuring. Korsi téh mung aya hiji nu panjang malum hirup bubujangan kirang-kirangna mah hésé nyangsangna. “Mangga linggih Mamah Ratna!”
“Ah alim disebat mamah Ratna,” anjeunna ngaheureuyan.
“Saha atuh?”
“Sebat wé téh Lilis,” ceuk manéhna rada ogo.
“Mangga linggih téh Lilis.”
“Hatur nuhun Pa Guru.”
“Ah alim disebat Pa Guru,” ceuk kuring ngaheureuyan.
“Saha atuh?”
“Kang Andhika.”
“Hatur nuhun Kang Andhika.”Gék diuk sakorsi reujeung, mani pagégéyé, haté mah teu méréan asa éra parada, panto mah tetep sina molongo bisi aya fitnah ti nu ngalangkung.
“Punten Pa Guru, éh… Kang Dhika, ku Lilis tos kaganggu.”
“Ah henteu téh Lis, bingah nu aya.”
“Kang Dhika sareng saha di dieu?”
“Nu mawi teu aya réncang.”
“Kersa kitu diréncangan ku Lilis?” pokna.
“Atuh kantenan upami...,” teu kebat. “Upami téh Lilis kersa.”
“Tangtos atuh kang Dhika, pangna dongkap ka dieu gé hoyong ngaréncangan sareng hoyong tepang sareng Kang Dhika.”
Haté mah bungah, sok émut kana dangding;
“Dagang cikopi rék mulang jauh ka tonggoh, peuting keur sepi dibaturan ku kabogoh, haneuteun wé nu aya.”
Tapi haté mah gegebegan sieun bisi pajarkeun ari nu disebat guru mah, ari kaawonan gampil datangna, sok inggis ku bisi rempan ku béja, pajar kuring ngasupkeun randa. Da éta Lilisna ulin téh lain wayah, gerentes haté.
“Kang Andhika...!” sora halimpu bari neuteup anteb.
“Aya naon téh Lilis,” ceuk kuring pura-pura.
“Dupi Engkang kersa ngaréncangan Lilis, amengan ka pun Uwa di Bandung,” néangan jalan picaritaeun, bari cek nyepeng kana ramo kuring pageuh, ku kuring teu dikejatkeun bisi haté Lilis kasigeung, ramo Lilis nu garumupung mani pageuh nyepenganana.
“Iraha téh Lilis?” ceuk kuring. Tungtungna siliteuteup, bari ramo mah terus diramesan, sérédét aya geter-geter éndah dina dada.
“Dinten Minggu, tos lami teu acan pendak deui sareng pun Uwa téh,” ramesan panangan Lilis ku kuring dikendoran isin panto molongo. Ngan anéh cepengan Lilis kalah ka beuki pageuh siga nu ngahajakeun. “Kumaha kersa Kang Dhika?” ceuk Lilis bari imut ngagelenyu.
“Insya Alloh téh Lilis nu geulis,” ceuk kuring ngaheureuyan.
“Ah ari Kang Dhika mah, ari tos muji téh.”
“Muhun da téh Lilis mah geulis.”
“Alhamdulillah atuh, da Kang Dhika gé ganteng.”
“Téh Lilis bilih badé ngaleueut!” Kuring nawaran cai bisi hauseun.
Koloyong ka dapur rék nyandak gelas, sugan téh Lilis henteu nuturkeun mana horéng aya tukangeun, anjeunna bari alak-ilik kana enggon.
“Lilis ulah ngiring ka dieu, isin pabalatak.”
“Ah, sawios hoyong terang.”
Kuring cengkat ngabantun gelas ari Lilis tukangeun, méh bantrok pahareup-hareup, da Lilis mah kalah ka ngahajakeun terus ngarangkul kuring.
“Lis, ieu gelas bilih murag.”
“Kang Dhika punten nya.” Terus Lilis ngarebut gelas tamba éra, gelas téh teu lila dieusian ku citéh nu aya dina méja leutik.
“Kang Dhika sok ngopi?” Ceuk Lilis bari nyicikeun cai.
“Osok mamah Lilis,” ceuk kuring.
“Tah kitu engkang, mani raos kana manah,” ceuk Lilis bari diuk dina enggon.
“Candak ka payun téh Lis caina.”
“Ah, hoyong ngaraosan calik dina dipan.”
“Teu kénging pamali.” Ceuk kuring.
“Ah sawios, cobi Kang Dhika calik di dieu!” ceuk Lilis jiga hayang diuk ngaréndéng.
Gék kuring diuk ngaréndéng jeung Lilis, ari gelas ku Lilis diteundeun heula kana méja. Keukeuh Lilis hayang ngarangkul deui kuring. Sajongjongan di kamar jep jempling taya sora nu nyuara, ngan sasora rénghap asmara, saurang gé taya nu bisa nyarita iwal ti sora cak-cak dina bilik siga nu keur ngintip, duh kajongjonan boa panto can ditutupkeun.
Aya sora di luar anu pupuntenan, siga sora kolot.
“Assalaamualaikum,” ceuk tamu ti luar.
Barang srog ték kana panto, kuring kagét geuning bapa Kapala sakola sareng ibu, aya pikersaeun naon nya mani rareuwas. Duh mangkaning di jero aya Lilis. Hayang téh Lilis ulah némbongan, galécok haté.
“Waalaikumsalam, mangga kalebet Pa, Bu!” ceuk kuring, haté asa tagiwur pabaur éra jeung sieun kanyahoan.
“Kieu Pa Andhika, pangna bapa ibu ka dieu téh badé wawartos énjing moal tiasa ka sakola jalaran badé ngalongok pun anak nu kuliah di Bogor, tos lami teu acan dipasihan bekel,” saur bapa kepala sakola.
Torojol téh Lilis jebul ti jero imah bari ngabantun cai, sok disimpen na méja tamu, nyuguhan bapa sareng ibu kapala sakola.
Atuh bapa sakola ngagebeg reuwas, bet aya Lilis di dieu. Sedengkeun ari Lilis téh randa. Ari pa guru Andhika bujang. Ah sakalian wé ari kieu mah urang béréskeun, isin ku masarakat, karuhan aya paribasa maut nyéré kapuhuna. Urang panggil saurang-saurang rék ditanya raga katineung. Mun teu ayeuna rék iraha deui bongan lauk asup ka bubu, paingan haté merenyeng baé hayang ka dieu, manahoréng aya nu kudu dibéréskeun.
“Lis ka dieu, cobi calik!” Bapa Kepala Sakola ngagentraan Lilis, terus Lilis ngaréndéng jeung Dhika, siga nu geus wanter siga nu geus kenal lila.
“Punten bapa salaku kolot di ieu lembur ngaraos tanggel waler ka anjeun duaan. Tah danget ieu bapa badé tumaros ka aranjeun. Ari Lilis bogoh henteu ka Dhika, sok waler ayeuna pisan bapa hoyong ngadangu langsung ti Lilis.” Ditanya kitu téh Lilis, balaham-béléhém siga nu éra, tapi na haténa mah ditanya kitu téh asa ditonjok congok, mobok manggih gorowong, éta nu diarep-arep.
“Sok Lis, jawab,” nu nanya beuki anteb nanyana.
“Bogoh Pa,” ceuk Lilis singkat tapi jelas.
Kiwari kuring rumah-tangga jeung Lilis geus aya kana lima taunna. Baheula mah diwangwang rék rumah tangga ka randa téh mani hariwang sieun reuntas peung-gas di tengah jalan, geuning geus pruk rumahtangga ka randa mah loba untungna, loba pangalamanana, boh dina masak atawa dina ngurus budak. Banding teuing ku sono rumahtangga jeung Lilis téh mani geus reuay anak, éta wé bati geus boga lima, da Lilis mah geuning teu bisa di-KB, budak kuring awéwé kabéh mani gareulis ngala ka indungna.
Emh.. Téh Lilis anjeun nu jadi impian kuring kiwari jadi kanyataan, maturan hirup kuring di mana keur senang jeung susah, di mana bungah jeung sedih, niat rumah-tangga kuring moal incah balilahan, moal rék lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang, nyararaah teuing ka barudak anu sakitu gareulisna sing jararauh tina gogoda, moal rék mangnérékeun, deudeuh teuing anaking, anak bapa nu gareulis, deudeuh teuing bojo kakang, Néng Lilis anu geulis.***